SULTAN AGENG TIRTAYASA (VERSI SUNDA)

Sultan Ageng Tirtayasa versi bahasa Sunda

 

sultan ageng
Sultan Ageng Tirtayasa

Sultan Ageng Tirtayasa nyaéta pahlawan nu asalna ti Provinsi Banten. Manéhna bajoang waktu jaman Walanda jeung VOC, salian ti katelah ku kagagahanana dina ngurus karajaan jeung rahayatna, misalna baé dina urusan pamaréntahan, kaagamaan, irigasi, jeung hubungan ka luar karajaan.

Sultan Ageng Tirtayasa lahir di Banten taun 1631, manéhna nyaéta putra Sultan Abdul Ma'ali Ahmad jeung Ratu Martakusuma anu jadi Sultan Banten dina periode 1640-1650.

Keur leutikna, manéhna boga gelar Pangeran Surya. Waktu bapana maot, manéhna diangkat jadi Sultan Muda anu gelarna Pangeran Ratu atawa Pangeran Dipati.

Sanggeus bapa kolotna maot, manehna diangkat jadi Sultan, nu gelarna Sultan Abdul Fathi Abdul Fattah. Ngaran Sultan Ageng Tirtayasa asalna waktu manéhna ngadegkeun karaton anyar di lembur Tirtayasa (perenahna di Kabupaten Sérang). Perjuangan manéhna salahsahijina nyaéta nangtang Walanda sabab VOC netepkeun perjanjian monopoli perdagangan anu ngarugikeun kesultanan jeung rahayat Banten. 

Peran Sultan Ageng dina ngamekarkeun Islam di Banten gedé jasa pangaruhan. Manéhna hayang Banten boga karajaan Islam. Léngkah nu ku manéhna dipapay ti mimiti tina sektor ékonomi. Karaharjaan rahayat dironjatkeun ngaliwatan mekarkeun pasawahan jeung irigasina nu sakaligus fungsina jang panghubung. Sultan Ageng gé lain ngan ngagederkeun kamajuan dina sektor ékonomi rahayat jadi leuwih hadé, tapi ogé dina bidang kaagamaan.

Manéhna ngangkat Syekh Yusuf, hiji ulama nu asal ti Makassar, jadi mentri karajaan anu pancénna ngaréngsékeun urusan kaagamaan jeung penaséhat Sultan dina bidang pamaréntahan. Manéhna ogé ngamekarkeun atikan agama, boh di lingkungan kasultanan boh di masarakat ngaliwatan pasantrén-pasantrén.

Waktu jadi raja Banten, Sultan Ageng Tirtayasa dikenal ku pinter jeung pohara ngahormatan kana atikan. Malah mah datang ka kamekaran atikan agama Islam ngabelesat mingkin maju baé. Ajén ajén anu dimunculkeun ti Sultan Ageng Tirtayasa salaku pamingpin nyaéta pamingpin nu pohara amanah jeung boga visi ka hareupna jang kamekaran Banten.

Sultan Ageng Tirtayasa nyaéta pamingpin anu pohara visionerna, ahli perencanaan wilayah jeung tata kelola cai, égaliter jeung terbuka sarta jembar wawasan internasionalna. Kasultanan Banten aktif ngabina hubungan tur gawé bareng jeung sakabéh pihak di sakurilingna malah mah datang ka tempat nu jarauhana ogé.

Kira-kira taun 1677 Banten ngayakeun gawé bareng jeung Trunojoyo nu harita deuk ngalawan ka Mataram. Teu ngan éta doang, Banten gé ngajalin hubungan gawé bareng jeung Makassar, Bangka, Cirebon jeung Indrapur. Karakter Sultan Ageng Tirtayasa ngawakilan karakter kapamingpinan jeung intelektual. Ceuk manéhna mah, kapentingan rahayat nyaéta sagala-galana. Tegesna pamingpin gé teu éléh pentingna.

Waktu aya sengketa antara dua putrana, Sultan Haji jeung Pangéran Purbaya, Walanda milu campur leungeun jeung Sultan Haji jang ngéléhkeun Sultan Ageng Tirtayasa. Waktu Tirtayasa ngepung pasukan Sultan Haji di Sorosowan (Banten), Walanda mantuan Sultan Haji ku cara ngirim pasukanna nu dipingpin ku Kaptén Tack jeung Saint-Martin.

Taun 1683, Sultan Ageng katéwak jeung dipanjara di Jakarta. Manéh maot waktu di jero penjara jeung dikuburkeun di komplek pemakaman raja-raja Banten di beulah kaléreun Masjid Agung Banten. Tina jasa jasana ka nagara, Sultan Ageng Tirtayasa dibéré gelar Pahlawan Nasional dina 1 Agustus 1970 kalayan dikalurkeunna Keppres No. 45/ TK/1970.


LihatTutupKomentar